Rampak Kendang Wanoja Mudungdungkeun Kulawarga Berencana
Seni kabula ka bale. Lian ti keur hiburan, oge tungtunan. Kitu nu
dilakukeun ku Badan Koordinasi Keluarga Berencana Nasional (BKKBN).
Ngan, naon wae hasilna?
Kabudayan kasenian, jasana sanes lumayan. Kitu ceuk juru kawih.
Kasenian, memang lain ukur keur hiburan, lain ukur jadi pangbeberah
hate, da bisa keur rupa-rupa tujuan. Matak, teu aneh teu sing upama
BKKBN ge ngayakeun pasanggiri seni keur kapentingan program Keluarga
Berencana (KB).
Kagiatan kawas kitu, kasaksen sawatara waktu ka tukang, di Kabupaten
Pringsewu, Propinsi Lampung. Pasna mah ti tanggal 1 nepi ka 3 Oktober
2009. Seniman ti sakuliah Nusantara ngumpul di eta tempat. Maksudna,
milu pasanggiri mintonkeun seni.
Leuwih Nyerep
Keur urang tatar Jawa Barat, pintonan seni keur kapentingan sejen, lain
kagiatan anyar. Kasaksen ti baheula mula, upama aya nu orokan, di
antarana maca wawacan. Eta wawacan diilo (dibaca) terus dihaleuangkeun.
Eusina haleuang ge pinuh ku tungtunan moral atawa budi pekerti.
Cindekna, kekecapan seni keur seni, di Sunda mah teu salilana dipuhit.
Seni memang kabula-kabale, bisa dipake keur rupa-rupa kapereluan.
Kekecapan, ngahibur jeung mere mangpaat, remen kasaksen dina
pintonan-pintonan seni di tatar Sunda.
Adumanis seni jeung tujuanana, tembong dina rupa-rupa seni. Dina pupuh
misalana, leubeut pisan ku ajaran moral atawa keur ngalemesan budi
parangi. Ku lantaran kitu, dina waktuna seni dibutuhkeun keur
kapentingan sejen, keur urang Jawa Barat mah moal ngawagu.
Pintonan seni keur kapentingan sejen, teu burung tembong mangpaatna.
Waktu seni Sunda diabenkeun di lembur batur, hasilna ge lain
lulumayanan. "Alhamdulillah ku ayana pangrojong sakumna pihak, kontingen
Jawa Barat tiasa ngahontal juara kahiji," ceuk Dra. Hj. Ida Indrawati,
Kepala Bidang KSPK BKKBN Propinsi Jawa Barat.
Rombongan nu diluluguan langsung ku Drs. H. Rukman Heryana, MM., Kepala
BKKBN Propinsi Jawa Barat, kabagean mintonkeun momonesna dina jirangan
katilu. "Pangbagea ti nu haladir kacida saena," ceuk Hj. Ida semu
reueus.
Kontingen Jawa Barat, mintonkeun tilu rupa kasenian, Catur Warga, Topeng
Rehe, jeung Rampak Kendang (wanoja). Hasilna nyugemakeun, jadi juara!
Jadi juara kahiji, matak reueus balarea. Komo deui, da pamilonna ge 33
propinsi. Hartina, nepi ka bisa ngahontal juara kahiji teh kudu
ngelehkeun 32 pamilon sejenna.
Pintonan seni harita, lumangsung sapoe sapeuting. Eta we, ti tabuh
sapuluh isuk-iusk, cacap nepi ka tabuh sapuluh peuting. Padahal,
masing-masing pintonan teh diwatesanan, ukur 15 menit.
Satutas 33 pamilon mintonkeun kamampuhanana, panitia netepkeun heula
genep pamilon panghadena. Nu kapilih pinunjul teh, Jawa Barat,
Yogyakarta, Jawa Timur, Bali, Lampung, jeung Kepulauan Riau.
Pintonan seni, memang lain tujuan utama. Da, ceuk Drs. S. Teguh Santoso,
Kepala Seksi Advokasi dan KIE BKKBN Jawa Barat, nu penting mah
'eusina' atawa 'pesen' sual KB nu ditepikeun dina eta kasenian. "Margi
pagelaran eta seni teh intina mah kanggo nepikeun pesen-pesen sual
Kulawarga Berencana, kanggo ngagedurkeun sumangt pamilon KB," ceuk
Teguh.
Nyaritakeun seni keur kapentingan program KB, memang lain barang
anyar. Dina mangsa ngagederna program KB saperti taun 1980-an, para
seniman teh biasa ilu-biung nepikeun program KB. Dina wayang golek,
calung, reog,jeung sajabana pesen-pesen pentingna program KB bisa
ditepikeun ku para seniman. "Pasanggiri seni di Lampung oge kalebet
kango ngagedurkeun deui sumanget masarakat dina widang program KB,"
ceuk Teguh.
Nurutkeun ieu lulusan STKS Bandung teh, kagiatan Kulawarga Berencana,
butuh pangrojong saban pihak, kaasup para palaku seni. "Komo deui
seniman mah raket pisan sareng masarakat,"pokna.
Keur urang Jawa Barat, geder KB ngaliwatan seni memang lain kakara.
Kamampuhan para seniman remen dimangpaatkeun keur kapentingan program
pamarentah, kaasup KB. Hasilna, ngabukti, program KB di Jawa Barat
kaasup punjul dibandingkeun jeung propinsi sejenna.
Dalitna seni jeung program KB, remen kasaksen di sawatara tempat.
Cotona, di Ciamis, Jawa Barat, aya program nu katelah Macangkrama Kader
Ciamis (MAKACI). Kagiatanana neueul kana program KB. Di eta daerah,
seni keur kapentingan KB geus nembongkeun hasil anu hade. Geder KB di
Tatar Galuh, Jawa Barat, jadi panyundut sumanget daerah sejenna.
Panyuluhan KB ngaliwatan seni tradisional, ceuk Drs. Teguh Santoso,
bakal terus digederkeun. Kitu teh, sabab geus kasaksen mangpaatna. Seni
titinggal karuhun, nu gumulung di masarakat Tatar Sunda bisa dijadikeun
media keur nepikeun rupa-rupa tujuan, kaasup keur ngagedurkeun sumanget
pihak-pihak nu tumali jeung program KB di Jawa Barat.







Tidak ada komentar:
Posting Komentar